Hiji Peuting Di Sisi Basisir

Nitipkeun tonggong, na catang rungkad. Panon buringas, neuteup budah bir, nu mudal, ngalembereh, mapay- mapay gawir botol, warna hejo. Kek !, beuheung botol di tewek!, di acungkeun, laju di totor. Bir, ngaguluyur, lumpat paboro-boro muru tikoro. Di langit bentang ting polohok, andeprok na amparan langit nu bau hangit. “ Peryogi rencang , Kang!?” hiji sora, datang meupeuskeun simpe. Ramo-ramo nu lalencop ngaragamang, ngaramesan taktak. “ Nyingkah ..Siah !!”, siki panon ampir coplok, rek leupas tina kongkolakna, mireng lengkah nu tuturubun lumpat, laju ngiles lebah dapuran kaso. Lima botol bir kosong patulayah. Tapi guruh lambak, hamo bisa ngelehkeun, rosana ketug jajantung, nu tetep miharep, Anjeun datang deui, sanggeus tilu taun, leungit di teleg laut .

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Teti Taryani: Deudeuh teuing nu kabungbulengan... Na atuh bet titeuleum na alkohol? Atuh mingkin kekerebekan bae, Ang!!
  2. Irman Dimyatie: naha ngan nginum bir wungkul? da moal matak mabok nu kitu mah. nu matak mabok mah nginum....... cikolomberan hhehehehehe...
  3. Ahmad Yani: @Teh Teti Taryani : Tadinamah bade meser limun, batur ngantosan bebene hanjat ti laut teh !, namung limunna tos seep di borong ku Kang Irman Dimyatie ...heu heu heu , janten we kapaksa, meser cai nu ngabudah !, sumpah teh ...nembean eta teh ! heu heu heu !!
  4. Ahmad Yani: @Kang Irman Nurhapitudin Dimyatie : Baruk kitu Nyah ?, ah bade di cobian atuh ari kitu mah, namung hoyong di contoan heula ngaleueutna ku Akang ! ha ha ha ha haha !!
  5. Jojo Johari: Nu hayang cilaka! Dugi ka kituna nu kalangsu.
  6. Putra Galuh: duh Gusti!..boa sareng harita.tilem na jeung bapana c bungsu.
  7. Yadi Fathur Berkata: Leres saur Ang Irman ngarah aheng kecap "Bir" digentos ku cikolumeran, janten: "Cikolomeran, ngaguluyur, lumpat paboro-boro muru tikoro". "Ngan wayahna bati dicarekan ku ang Tatang Sumarsono" Siip jempol pisan Ang lah.. hebat
  8. Tatang Sumarsono: Moal dicarékan, paling gé disebut sakti, Ang.
  9. Yadi Fathur Berkata: Bwahahah
  10. Ahmad Yani: @Kang Jojo Johari : Bakat ku abot ngaleupaskeun ka deudeuh ka manehna ! rupinamah Ang ! heu heu heu !
  11. Ahmad Yani: @ Tatang Supriadi : Sumuhun Ang !, boa-boa sami tah, waktos tilemna teh ?, mudah-mudahan bae atuh, tariasa keneh katulungan ! ha ha ha ha !!
  12. Ahmad Yani: @kang Yadi Fathur : Sapuk, Ang!, dina leresan nada ungkara mah, asa janten langkung ngaguluyur . Ngan edas ... cepil uing pasti rawing balas di jiwir ku Pangersa Ang Tatang Sumarsono ! heu heu heu !!
  13. Ahmad Yani: @ Kang Tatang Sumarsono : Heu heu heu ...cup ! ah, moal di seuseulan !. Siap ah ! bade di ajar Sakti ! ha ha ha ha!!
  14. Gus Maman: :"Asa aya nu patojaiyah, upami parantos 5 botol ngaguluyur, lumpat asup kana tikoro tangtosna oge matak abok, pamikiranna moal logis deui. Kumaha we nu abok. Sigana pas aya Ramo-ramo nu lalencop ngaragamang, ngaramesan taktak, jol gantawang : "Anjigh kabogoh uing datang deui, gelo kadieu siah, kamana wae goblog, uing ti mangkukna nungguan di dieu".
  15. Tatang Sumarsono: Naha Ang Gus Manz bisa kabobodo kitu? Da lain ebir atuh nu diinumna téh. Ebir lima botol téh sabarahaeun hargana . Apan pangna nyingkah ka basisir anu suni téh naha ku naon atuh, ari lain nyingkahan tukang warung anu nagih.
  16. Ahmad Yani: @Kang Gus Manz : heu heu heu ...engke upami pendak, ka manehna ku Sim uing bade di taroskeun, kunaon dugi ka kiat-kiat teuing, eueut 5 botol dugi ka teu abok ? ha ha ha !!. Moal kitu Bir na parantos di campur ku teh manis ? heu heu heu !!. Hatur sewu nuhun kana komentarna Ang !
  17. Ahmad Yani: @Kang Tatang Sumarsono : Heu heu heu, rupina tiasa janten kitu ge !, da aneh ningan di sidik-sidik ti kacaketan, botol birna ga, bet sapertos botol kecap ! heu heu heu !!
  18. Yanti Sri Budiarti: Susul we atuh naek parahu...Resep geura silanglang luhureun lambak sagara...:)
  19. Ahmad Yani: @Neng Yanti S.B : Heu heu heu ...Kuriak parahu na nangkub , ambuing .... niat silalanglang luhureun ombak sagara, jadi nyangkoyot na beuteung Hiu ! ha ha ha ha ha !!
  20. Ya Soebarta: Ajiiiib etah RIB, cap peletok tea kitu...!!
  21. Yanti Sri Budiarti: Ah sakantenan we ajak otel hiu-na atuh Kang, kagok abok
  22. Ahmad Yani: @ Ya Soebarta : Biasa Ang ! ulah geruh ! heu heu heu ( RIB PAC GNATNIB ! heu heu !)
  23. Riyono Afdfvm: kade cangkang suuk na tong dituang ang
  24. Ahmad Yani: @Riyono Afdfvm: Cangkang suukna mah tos titatadi di pulungan ku Ang Ya Soebrata, saurna bade di daur Ulang ! heu heu heu heu !
  25. Ya Soebarta: Hahahahaa, pas teurab teh Eummmmmmbeeeeee cenah....!!!